19 November 2012

IKET : Seni Ikat Kepala Budaya Sunda

Assalamu'alaikum wr,wb. 
Sampurasun.....


Bade diajar posting ah, ngabahas perkawis iket margi sim kuring iket mania, bade ngawanohken iket ka sadaya!
Iket :
Salambar wastra atawa kaen, anu digunakeun nutup sirah/mastka kucara di ikét (di beungkeut keun). Wujud wastrana bisa segi opat atawa segi tilu. 
Juru anu opat, ngawakilan dulur 4 ka 5 pancer :
1. Amarah
2. Lowamah
3. Sawiyah
4. Mutmainnah.
Ari pancerna nya d lambangkeun ku Modang segi opat di tengahna maksudna diri pribadi sewang-sewangan.

Segitilu perwujud tina hukum Tritangtu :
1. Karama'an
2. Karatuan
3. Karésian ( agama )

Ikét dipasangna dina mastaka, kulantaran dina mastaka aya mustika (tempat ngolah sagala rupa pamikiran antara hade jeung goreng, kudu jeung hénteu jeung sajabana, anu tungtungna diputuskeun ku pancér hasil tina urun rembug antara dulur nu opat) Nilik tina kagunaan nana IKÉT bisa dipake nhalindungan mastaka tina panas jeung tiris, tina rupana nambah pamantés kanggo anu nganggona.
Diina tumuwuhna rupa ikét rea pisan timimiti bentuk jeung maksug hiji2na. Cag heula panjang keneh guareun nana. Mugya mang fa'at sok sanajan elmu cénah meunang mulungan ti kolot...
hatur nuhun

Imail Sumapraja (Guru SDN Lebakpasar)

0 comments:

Post a Comment

 
Design by Wordpress Theme | Bloggerized by Free Blogger Templates | JCPenney Coupons